Blog-nya Urang Bandung Euy!

Bandung adalah ibukota Propinsi Jawa Barat. Terletak 180 km ke arah tenggara dari Jakarta. Mau tau lebih banyak tentang Bandung? Di sini:

Sunday, September 03, 2006

Carpon (Carita Pondok - Cerita Pendek)

Angkot

Abdi Kenging ieu carita ti rerencangan, pangintun ti rerencangannana rerencangan.


Mangga wae raosan:

Teu di Bandung teu di Tasik, teu di Garut boa ketang di Batam mah beda.... eta kalakuan kenek angkot dimana wae lamun jojorowokan nawarkeun jurusan angkotna atawa nanyakeun nu erek turun atawa eureun ka panumpang sakapeungmah matak piambeukeun, pikabingungeun anu kakara tapi lamun geus apal mah sok hayang seuri, geura reungeukeun :

Di Bandung : "Gede.....Panjang......Gede.....Panjang......!!"

Kade...lain keur promosi obat taeun nu ayeuna keur meuweuh atawa promosi sabangsa ma erot, tapi nawarkeun rute angkot jurusan Gedebage - Leuwi panjang....!

"Aceh......Merdeka......Aceh.......Merdeka......!!" jojorowokan sataker kebek najan hareupeun tangtara atawa pulisi oge moal nepi ka di tewak da di Bandung mah geus arapaleun lamun kenek eta nawarkeun angkot jurusan Cicaheum Kebon kalapa ngan rutena ngaliwatan jalan Merdeka jeung jalan Aceh.

"Binatang.....ada turun.....? ibu......bapa.....binatang......!" tong waka ambek disebut kitu teh, si kenek nanyakeun bisi aya nu turun di kebon binatang di jalan Taman Sari anu kaliwatan kuangkot.

Eta di Tasik mah kieu jorowok na teh: "sila.......sila.....hiji deui...!!" lamun seug ninggang ka jalma nu anyar ulin ka Tasik mah bakal ho'okeun ngadeng jorowok kenek anu ngagantung na lawang panto, rek teu kitu kumaha atuh....sakitu katingali metetna bet anu dijero oge diaradu tu'ur ari jojorowokan sila......sila...hiji deui.......? Padahal manehna teh nawarkeun jurusan ka pancasila

Ari di Garut mah karunya ka anu ngarana DANA, kade nya bisi aya baraya
anu ngarana dana tong waka ambek jeung kasigeung lamun ngadenge
jorowok kenek angkot "DANA EGANG....DANA EGANG.........." eta teh lain moyokan dana pedah leumpangna egang tapi nawarkeun angkot jurusan Sukadana-Sukaregang.

Naek angkot di Bandung deui: Jorowok kenek ngajorowok.....Supratman... jrut turun panumpang lalaki tengah tuwuh..

Jorowok deui....Raja mantri....jrut Mang Jamal turun... Rengganis.....jrut Neng Nia turun Teuku Umar....jrut deui lalaki turun...

Na ari celengkeung teh....urang batak ngajorowok... "aku Rajagukguk tak dipanggil-panggil jadi bila awak turun bah! "



Basa Inggris

Bu Lia teh guru basa Inggris anu katelah the killer ceuk barudak
mah. Barudak awewe mah biasana balageur, beda jeung barudak lalaki nu borokokok. Unggal bade rengse palajaran, anjeuna sok ngetest murid muridna.

Poe kahiji: Ayeuna ibu rek ngetest maraneh ihwal irregular verb, anu bisa ngajawab bener, meunang balik ti heula! ", saur ibu guru Lia.

"Anu teu bisa, nangtung di hareup nepi ka ibu kaluar ti kantor!", si ibu teh ngancem.

"Fitha, sok sebutkeun contohna irregular verb!", ibu guru Lia naros.

"Bring - brought - brought, hartosna nyandak."

"Alus.... Cikan Yogi ! Tong heureuy bae !", si Yogi katelah tukang heureuy.

"Dag - dig - dug, hartosna abdi teu acan ngadamel PR."

"Nangtung .. di hareup ! Dadan!"

"Brang - breng - brong, hartosna emak ngambek di dapur alatan teu gaduh beas."

"Nangtung di hareup! Dikdik!"

"Begang - begeng - begung, hartosna siga awak Datuk Maringgih."

"Nangtung dihareup! Yusuf!"

"Dar - der - dor, hartosna perang di Irak jeung Lebanon."

"Nangtung di hareup! Mahmud!"

"Pak - pik - pek, hartosna abdi beberes di bumi."

"Bohong maneh mah tara beberes .Nangtung di hareup! Endang!"

"Blag - blig - blug, hartosna si Atun diajar leumpang."

"Nangtung di hareup! Nandang!"

"Brak - brik - brek, hartosna awut-awutan."

"Nangtung di hareup! Naddy!"

"Plak - plek - plok, hartosna bararahe."

"Masingna ase rehe atuh! Nangtung di hareup! Epul!"

"Cas - cis - cus , hartosna nyarioskeun batur."

"Nangtung di hareup! Kabeh baralegug! Doddy!"

Si Doddy teh budak nu geumpeuran, titatadi geus ngahodhod sieuneun ditanya. Ayeuna ditanya pisan ku bu Lia. Bakating ku geumpeur,
ari seduuut .... teh hitut "Brat - bret -brot nyah!?"

Saur ibu Lia mayunan : " ..... Kaluar kabeh!!!", ibu Lia bendu.

2 Comments:

At Wednesday, October 07, 2015 6:44:00 PM, Anonymous provit said...

he he dasar urang sunda aya weh pikaserieunna teh

 
At Wednesday, October 07, 2015 6:47:00 PM, Anonymous zegen said...

lobaan gan caritana pikaseurieun geuning

 

Post a Comment

<< Home